Minggu, 02 November 2008
BUDAK BANGOR!!!!
Di kelas opat, aya budak bangor pisan. Ngarana Samid, salian bangor eta budak goreng adat. Sabenerna Samid teh kasep, awakna jangkung, kulitna bodas ngan hanjakal eta budak kacida bangorna.
Kamari basa aya palajaran Basa Sunda, ngabahas masalah karesep atawa kabiasaan nu sok mineng dilakukeun. Sadayana murid hiji-hiji di piwarang ka payun. Pas giliran Samid, Pa Nana naros, “ari karesep maneh naon?” Samid ngawaler bari seuri “karesep abdi mah, nyeurikan budak awewe!” “Heh, Samid naha bet kitu? Manehmah karesep teh ngan ngaganggu batur?” saur Pa Nana. Samid nyengir, leungeunna nyekel karet geulang. PrĂȘt…karet geulang di jepretkeun. “Aduuuuh….!” Ipah ngajerit bari ceurik. “Ipah, kunaon?” Pa Nana nyampeurkeun ka bangku Ipah. “Samid pa! nyepret ku karet kana raray abdi!” waler Ipah bari ngusapan beungeutna. “Samiiid, kadieu! Kunaon atuh sok ngaheureuyan batur? Nyepret ku karet teh bahaya, kumaha mun keuna kana panon? Sok nangtung di hareup nepi ka pangajaran anggeus!” Pa Nana nyeuseul. Samid ka hareup, panona molotot ka Ipah. Salila di setrap Samid ngarencanakeun dek ngabales Ipah, lantaran ngalaporkeun manehna ka Pa Nana, nepi ka di carekan jeung di setrap.
Balik sakola, Ipah bareng jeung Santi, Pepi. Di jalan papanggih jeung Samid. Samid tuluy nyampeurkeun “eh, tadi aya kajadian. Aya budak katabrak mobil nepi kamaotna, tuluy digolerkeun di handapeun tangkal buah. Cenah mah jurigna aya nepi ayeuna teh!” ceuk Samid bari ngabirigidig. “Kadenya, pan unggal balik ngaji sore sok ngaliwat ka dinya!” ceuk Samid seuri bari lumpat ka tonggoh. Ipah, Santi jeung Pepi papelong-pelong “ah, si Samid mah bohong! Eta mah ngan ukur nyingsieunan wungkul” ceuk Ipah bari menerkeun tiungna. “Enya, urang bales yu! Tuman budak teh!” ajak Pepi jeung Santi bareng.
Sorena jam genep saparapat sanggeus solat magrib, Samid leumpang keketeyepan, leungeunna nyekel mukena. Ngahaja tadi mawa mukena nu aya di tajug. Rencanana Samid dek nyingsieunan Ipah, Samid cicing di handapeun tangkal buah, nungguan Ipah jeung babaturanna ngaliwat. Tapi nepi ka jam satengah dalapan, Ipah jeung babaturanna can ngaliwat wae. Ah, pasti beberes heula di tajug! Gerentes Samid bari ngarapetkeun jeketna. Teu lila aya sora kekeresekkan siga jelema leumpang, pasti Ipah jeung babaturanna, Samid seuri bari make mukena. Sabot nungguan, ujug-ujug aya angin tiis kana punduk. Samid reuwas, teu lila aya budak awewe ngaliwat. Buukna acak-acakan, beungeutna bodas sepa. “Emaaaa…tuluuuung…aya jurig!” Samid lumpat bari ngajorowok. Sanggeus Samid jauh, aya sora nu seuri cicirihilan. Ipah, Santi jeung Pepi kaluar tina panyumputan. Singhoreng anu tadi jadi budak awewe beungeutna bodas jeung buukna awut-awutan teh Pepi, angina nu tiis teh es batu nu ditiup ku Ipah jeung Sinta titukangeun Samid.
Isukna di sakola Samid diriung ku babaturanna, leungen jeung sukuna pinuh ku bared. Singhoreng basa lumpat tea, tuluy tigebrus ka solokkan. Pipina rada bareuh keuna kana batu. Ningali kitu Ipah, Santi jeung Pepi ngarasa karunya. “Mid, kunaon eta teh?” ceuk Ipah bari nyampeurkeun ka Samid. “Enya, meni bared kitu” Santi jeung Pepi diuk gigireun Samid. Samid tungkul bari seuri nahan nyeri, manehna era nyaritakeun kajadian peuting tadi. “Tah, Mid matakna jadi budak ulah sok jail ka batur! Jadi cilaka sorangan!” ceuk Ipah. Samid tungkul rumasa salah. Teu lila bapa kapala sakola nyampeurkeun, “tah, barudak! Ieu teh conto jang hidep, ulah sok jail ka batur. Mid, kadenya ulah sakali-kali deui!” wurukna bari ngusapan mastaka Samid. Samid unggeuk-unggeukan, di jero hatena Samid janji dek ngarubah sikap, moal bangor jeung jail deui ka batur.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar