Minggu, 02 November 2008

Alhamdulillah karya tulis ini juara 3!...



Bandung, 24 Mei, 2008
Kahatur,
Bapak gubernur/wakil gubernur
Jawa Barat 2008

Assalamualaikum. Wr.Wb
Nepangkeun, nami abdi Shafira sakola di SD Assalaam Bandung kelas 4C. sakola abdi ayana di jalan Sasakgantung caket ti rorompok abdi di jalan Dalem Kaum. SD Assalaam mah kalebet sakola anu sae pak, guruna salalabar tur raoseun ngajarna. Lingkungan sakola oge kacida beresih sareng merenah. Murid-muridna disiplin sareng tos teu bireuk deui janten juara dina sagala lomba. Dina fasilitas oge kalebet kumplit, aya laboratorium komputer, sains, bahasa Inggris sareng bahasa Arab.

Sanaos sakola suasta anu kalebet awis, tapi upami aya murid anu teu mampu sareng yatim piatu, sakola masihan karinganan sareng bea siswa kanggo nu gaduh prestasi. Tah kitu pak, kaayaan sakola abdi teh, merenah tur tumaninah. Alhamdulillah pak, teu aya masalah perkawis sakola abdi mah. Nanging saleresna aya anu ngaganjel dina hate, manawi bapak teu kaabotan. Dina kasempetan ieu abdi bade ngadugikeun amanat kanggo bapak gubernur, ti hiji sakola anu aya di lembur Cibitung desa Barusuda kinten-kinten 25 km wetaneun kota Garut.

Ngadangu dongeng ti rerencangan, kayaanna pikarunyaeun pisan. Sanaos aya dana BOS ti pamarentah, tapi katinggalna teu acan tiasa ngabantos kasusahan murid-murid. Abdi kantos ninggal seueur murangkalih anu bade angkat ka sakola teu nganggo sapatu, saragamna tos kotor tur belel kumargi ngan gaduh hiji, janten dianggo unggal dinten. Ari arangkat sakolana teh tara nyandak kantong, ngan ngagiwing buku tulis hiji anu tos galing sisina teh. Buku paket oge teu gaduh, kumargi teu kapeser cenah da pangaosna awis pisan. Ari seuseueurna sepuhna teh kuli tani anu buburuh macul di kebon batur. Damelna ngabedug ti tabuh tujuh enjing-enjing dugi tabuh dua belas, ramana kenging bayaran mung ukur dalapan rebu upami ibuna genep rebu. Janten pak, kumaha sepuhna tiasa masihan biaya kanggo sakola? Da panginten artos sakitu teh mung cekap kanggo tuang sadidinten. Ayeuna pangaos buku tos langkung awis ti beas pak! Panginten sepuhna teh langkung milih meser beas tibatan ngagaleuh buku mah. Kitu deui sareng pangaos acuk saragam sareng sapatu anu langkung arawis.

Pak gubernur, abdi oge ngadangu saurna mah gajih guruna mung sakedik! Janten kirang sumanget ngajarna teh. Saurna upami nerangkeun teh guruna sok asal, teu ninggal murid na ngartos atanapi henteu, kumaha tiasa palalinter muridna atuh ari diajarna siga kitu mah! Panginten guruna oge ari nuju nerangkeun teh bari ngemutan gajih anu alit teu cekap kanggo sadidintennya pak? komo kayaan ayeuna anu sagala ararawis!

Pak, abdi oge kantos nguping putrana padamel pun bapa. Murangkalihna teh mung sakola dugi ka kelas 5 SD, kumargi teu aya biaya. Akhirna eta murangkalih teh ngiring didamel buburuh ngarit atanapi macul di kebon. Sedih hate abdi pak, ninggal kaayaan di lembur teh! Tapi abdi teu tiasa nanaon pak, kumargi yuswa abdi nembe 9 taun. Upami bapak aya waktos, bapak tiasa ninggal nyalira kumaha kayaan sakolana! Mugi-mugi bapak tiasa ngabantos murangkalih anu teu mampu janten tariasa sakola luhur. Supados tiasa kawangun desana janten maju. Sakitu serat ti abdi, hatur nuhun kana sagala perhatosanna.

Wassalamualaikum. Wr.Wb
Shafira Anindia Nur Latifah

Tidak ada komentar: